Lompat ke isi

Biliar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Image
(2011)

Biliar(notog bola), olahraga ieu ogé dipikawanoh jeung sebutan “bal sodok”.[1] Istilah biliar awlna ti basa Perancis bille anu hartina “iteuk” atawa “stik”.[1] Cara kaulinanana nya éta notog bola di luhur méja juruopat nu aya legokna sarta panotog nepi ka ngeunaan bola séjén sarta asup kana liangna.[1] Cabang Olahraga ieu, leuwih dipikawanoh kalayan billiard.[2] Kiwari manéhna ogé loba kapanggih di dayeuh-dayeuh gedé.[2] Nu mikaresepna cukup loba babakuna kaom lalaki.[2] Aya sawatara jinis notog bola.[1] Aya anu ngagunakeun 3 bola, aya deui anu nagagunakeun 15 sarta 21 bola.[1] Bola-bola téa ditempatkeun luhureun méja.[2] Dina bal sodok 3 bal, méjana euweuh legokna.[2] Anu séjén méjana miboga 6 siki legok, nya éta 4 di juru méja anu bagunna pasagi burung, sarta 2 di tengah sisi panjang méja téa.[2] Jinis olahraga notog bola anu kiwari loba diulinkeun jelema nya éta anu maké 15 bal.[2] Bola éta dibéré nomer urut nepi ka 15.[2] Bal panakolna boga warna bodas sarta euweuh nomeran.[2] Lamun bola bodas ieu diitung, jumlahna bola sakabéhna aya 16 siki.[2] Biliar dicoo mimiti di Inggris sarta Perancis dina abad ka-15.[1] Kaulinan ieu miboga kasaruaan jeung croquet, nya éta olahraga anu ngadorong-dorong bal ku kai pikeun diasupkeun kana gawang lapang héjo.[1] Dina waktu saabad, notog bola geus ngembang kalayan pesat.[1] Ayeuna, biliar mibanda ragem kaulinan mangrupa carom, pocket (pool), sarta snooker.[1] Sedeng kajuaraann biliar di Amérika lumangsung nu mimiti dina 1859.[1]

Biliar di Inonésia

[édit | édit sumber]

Dina awalna, kaulinan biliar di Indonésia ngan mikawanoh kaulinan kalayan 3 bal.[1] Biliar 15 bal kakara dipikawanoh Indonésia taun 1960-an.[1] Dina mangsa éta, biliar masih dicoo pikeun dipikaresep hungkul sarta can dijadikeun minangka olahraga.[1] Kaulinanana ogé kawates dina golongan tengah sarta golongan luhur waé.[1] Biliar anyar dipikaresep ku golongan réa dina taun 1970-an. Kaulinan ieu dijadikeun minangka cabang olahraga sanggeus pembentukan Persatuan Olahraga Biliar Sakumna Indonésia (POBSI) dina 9 Okrober 1953 di Jakarta.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 (id) Ensiklopedia Anak Nasional. 1989. PT Cipta Adi Pustaka. Kaca 98
Image